Minggu, 17 Februari 2013

drama lucu untuk 4 orang

Hiji mangsa icih keur sasapu dihareupen imah, teu lila jol sikemed (salaki icih)
Kemed                          : icih, urang rek init hela ngabeca, bisi aya nu nanyaken bejaken we ker dines !
Icih                    : heg, ngan kade balikna tong berang teing, urang butuh duit.
Kemed                          : nya heeh atuh, ges menang duitmah urang ge balik deui, kumaha milik we.
Icih                   : aeh aeh, lain kumaha milik kumaha milik, ulah jiga kamari balik magrib, teu mawa duit saperak perak acan, lier ka urangna ge.
Kemed              : heeh da kamari mah muatana oge eweuh, ti isuk jedur urang nunguan muatan teu menang hiji-hiji acan. Aya hiji, teu ditarik kuaingmah, jelemana teu gableg pikiran piraku kur rek mere 20.000 ?
Icih                    : eleuh-eleuh 20.000  teu ditarik ? naha ai maneh olo-olo teing ?
Kemed              : lain olo-olo, jauh deule, ka Surabaya ! bisa wae ku urang ditarik, ngan balik nagbeca meren suku aing tingal sajengkal.
Icih                    : dasar jelema were manehmah, diajak nyarita sabener-bener kalah ngacapruk kamana wae. yeuh ! urangmah nyaan butuh duit.
Kemed              : teu ngarti urangmah, ti mimiti dikawin nepi ka ayeuna anger we manehmah butuh kuduit, asa teu insap-insap
Icih                    : aeh-aeh eta sikemed, yeuh kemed, urangmah butuh duit soteh ker mayaran hutang. Da manehmah teu apal, nu nagih meni rabul, era deuleu
Kemed              : alus loba hutangmah, cirina, rea nu mercaya
Icih                    : Tobaaatttt gusti, ampun aingmah
Kemed              : aing nu tobatmah, unggal isuk-isuk kudu we riweh ku urusan nagih hutang, emang saha wae nu nagih hutang teh ?
Icih                    : loba, bi siti, ceu zuraida, ceu agwa malah ceu agwa mah nagihna ngabring jeng anak incuna da kumaneh dianjukan kabeh
Kemed              : geus kie we atuh, sakur nu nagih hutang datangan kumaneh kabeh, bejaan isuk pabeberang ku urang didagoan didie.
Icih                    : tah kitu atuh, eta ngarana lalaki tanggung jawab. Jadi isuk the rek dibayar kabeh nyah ?
Kemed              : lain, aing rek ngamuk. Yeuh icih saksian, urang rek berjuang ngalawan nunaragih hutang, tempoken hasilna, naha aing nu gugur atawa nu naragaih hutang nu ngagaloler
Icih                    : manehmah kalah ngacapruk, dasar jelema teu boga pikiran, cik atuh kemed da maneh the lalaki, mikir atuh usaha.
Kemed              : heeh apan urang teh tadi rek init usaha, ngadon diajakan pasea.
Icih                    : yeuh, maksud urang mah neangan usaha nu sejen, lain ngan ngandelekun ngabeca hungkul, kana naon weh, tuh jiga batur, ngabelaan anak pamjikan teh nepi toh-tohan banting tulang
Kemed              : ooohh jadi urang the kudu banting tulang ? heg kumaneh kumpilkeun tulang taleng sing loba, tempoken ku urang rek dibuntang banting, tempoken kumaneh suapaya kadeuleu enya-enya aing banting tulang.
Icih                    : dasar jelema weure, jelema teu eucreug. Yeuhh kemed cik mikir atuh sia teh kacida-cida teing, lier urangmah.
Kemed              : tuh da enya, kesel aingmah
Icih                    : aing nu keselmah. Binggung kumaha mayaran hutang ?
Kemed              : lah naha make bingung-bingung teing, yeuh masalah mayaran hutangmah tong kot dipikiran teing, tuh kawas si jamal karek  ngajual motor payu 4,5 juta
Icih                    : terus kumaha ?
Kemed              : karep make kumaha, antep we motor-motor manehna, dijual kumanehna, yeuh urangmah ulah pipiluen, era deuleu !
Icih                    : tobaaattttt aingmah, batur tehh seer nu gaduh salaki katukang beca, tapi da tue aya nu weure jiga salaki abdi
Kemed              : geus ahh, urang rek init ngabeca
Icih                    : jung wae siah, (kemed ahirnamah kaluar imah rek init ngabeca). Kie gening rasana jadi jelema keutik teh, di udag udag kasusah ari kahayangmah, cik atuh para pamimpin, sing nyaan ngabela rakyat letik teh, ulah ngan saukur dina pidato hungkul, dina pidatomah kie cenah “mari kita berantas kemiskinan, kita bela rakyat kecil”. Ari buktina ??? anu senag the kur anu dilaluhur, jeng para KORUPTOR !!
Kemed              : icih, nyaan iemah dudunya teh, lamunmah urang teu kuat iman, bisa gelo ngadadakm tah aingmah !
Icih                    : aya naon ? cenah rek ngabeca ?!
Kemed              : ngabeca-ngabeca bebengok maneh, rek ngabeca kumaha ? sadel beca aya nu ngalaan siah ?!
Icih                    : si ono nu ngalaan sadel becamah !
Kemed              : si ono ???
Icih                    : enya, di titah ku urang.
Kemed              : tobat gusti, batur tehh seer nu gaduh bojo katukang beca, tapi da teu aya nu weure jiga pun bojo, cik atuh icih meneh tehh eling teu ? nanaonan make dititah ngalaan sadel beca ? ayena di kamana keun ?
Icih                    : yeuh, da urangna kapepet, butuh duit. Dijual we ku urang tehh ka tukang loak lumayan, 5.000
Kemed              : asstagfirallah, na ai maneh kabina-bina teuing ?
Icih                    : aeh aeh, lain kabina bina teing siah ! aingmah kitu soteh jeng bayaran sakola budak, bisi maneh teu nyaho, kamari urang narima surat tisakolana, geus 3 bulan si sova can bayaran.
Kemed              : nya enggges we atuh tong sing dituluyken sakolana, atuh ai kahayangmah pamarentah tehh ngabebaskeun biaya pendidikan jeng barudak, eta ge lamun haying maju
Icih                    : nyao akh, lierr aingmah
Kemed              : atuh da enya, atuh ai kahayangmah urusan biaya sakolamah ulah nepi kangajuaal sadel beca, cik atuh da maneh teh kolot sing bijaksana
Icih                    : sing bijaksana-bijaksana kumaha, yeuh ari teu bayaranmah anger si otong tehh bisa di erenkun
Kemed              : heeh matak naon atuh, ngadep kaguruna pok nyarita, bapa ibu perkawis pelajaran anu dipasihkeun ka pu anak, abdi ngahaturkeun nuhun namung abdi teu tiasa nagbales budi kubayaran sakola, anging gusti nu tiasa ngabalesna.
Icih                    : euuuuu na atuh maneh teh ari sakirana moal tanggung jawabmah naha beut hayang boga budak
Kemed               : har, ari urusan boga budakmah lain urusan urang, urangamah lalaki deuleu
Icih                    : euleuh-euleuh, jadi salah urangnyah ?
Kemed               : nya heeh, urusan boga budakmah masalah awewe, tempo we asal usul budak, pan asalna get ti maneh, urangmah ngan sakadar usul
Icih                    : dasar manehmah lain jelema, juuuriggg
Kemed               : dimana aya jurig ngabeca icih ?
Icih                    : yeuuhhh maksud urangmah, peperihning urang batu hejo.
Kemed              : buta huruf lain batu hejo.
Icih                    : heeh eta maksud tehh, cik atuh ai kahayangmah budakmah sing nyakola, jiga budak batur nepi kalulus boga ijabah,
Kemed              : lain ijabah atuh ijasazah, sing baleg nyarita tehh.
Icih                    : lahh, rek ijabah rek ijazah, etamah kumaha kaikhlasan urang,
Kemed              : nya da silaing nu ngacaprukmah,
Icih                    : atuh da enya, komo mun juga batur, nyakolakeun budak teh nepi kasakola luhur, nepi kajadi sujana. Lain sujana atuh sia teh sarjana sing baleg nyarita tehh.
Kemed              : eleuh eleuh eta si icih, dasar gelo
Icih                    : atuh da kehel aingah, init siah ngabeca
Kemed              : Hemphh, abdimah teu ngartos ai emutan icih teh kumaha, panan sadel becana ge di ical ku bebengok salira !
Icih                    : hehe, Atuh te janten masalah kang, sadel beca teu ayamah gentos wae ku jojodog, hehe
Kemed              : olloohh eta emutan kot dugikeun kadinya, nagbeca ngange jojodog ? kacipta, kayungyun abdi di sebat nu gelo ku batur
Icih                    : atuh kumaha pami anu di ical teh tong sadelna hungkul, sakantenan we sareng becana ? margi abdi peryogi artos kango mayar hutang tilas sia !
Kemed              : tiasa wae, namung abi narik penumpang ngange naon keh ? naha kedah di gagandong ? terus naha icih tega neuleu aing ngaganong penumpang kaditu kadie ?
Icih                    : karep teing siah, dasar salaki atah adol, keur benget jiga panakol bedug teh.
Kemed              : aeh aeh, salaki nepi kadisaruakeun jeng panakaol bedug, heg tapi inget, lamun aing panakol bedugna maneh berarti bedugna, atuh ai kitumah si sova teh hasil ngadulag.
Icih                    : na ai maneh nyarita tehh kamana wae, sidik aing teh ker susah
Kemed              : heeh ulah mikiran wae kasusah atuh moal aya tugtungna, tuh jiga si suhendi babaturan urang, sangsarana leuwih lewih ti urang, anak reuay salima lima, hutang sabreg-abreg tapi jelemanamah teu nguluwut, gumbira we kaditu kadie tehh teu weleh seri, nyaho nyaho maot weh kena TBC
Icih                    : asstagfirallah, yeuh nu pangpangna jadi pikiran urangmah tuh si sova, lamun teu sakola rek kumha kaharepna ?
Kemed              : cceahhhh, kumaha engke we, maung ge teu sakola teu weleh hirup, sok aing wani taruhan adukeun maha siswa jeng maung ! urang tarohan menang maung.
Icih                    : dasar jelema atah adol, jelema nepi kadisaruakeun jeng maung.
Kemed              : atuh da enya. Nges we tong mikiran wae kasusah moal aya tungtungna !
Teu lila aya sora hiji jelema diluar anu rek asup ka imah, icih reuwas jeng sien da nyangkana eta teh anu rek nagih hutang, padahalmah ngan tatangana.
Ocin                  : punten !!
Kemed              : tah icih, tuh aya semah tuh !
Icih                    : boa-boa anu rek nagih hutang meren kemed ?
Kemed              : tenang aing tanggung jawab, samperkeun ! icih, lamun nanyakeun urang bejakeun keur eweh
Icih                    : har eweh kamana apan manehna oge di dinya. ?!
Kemed              : heeh apanan ngabobodo.
Ocin                  : puntennnn.
Icih                    : teu aya ngabobodo.
Kemed              : ehh lain kitu atuh, heg samperkeun sina asup sina asup.
Icih                    : warah ? rek diwarah ?
Kemed              : kajen teuing mun nagih ge rek diwarah ku aingmah
Ocin                  : puntenn…
Icih                    : sokk asup rek diwarah kuaingmah.
Kemed              : icih lain kitu, heg samperkeun. Bade aya peryogi naon ?
Icih                    : peryogi artos we kango mayaran hutang, hehe
Kemed              : lain ka aing, tuh ka semah.
Ocin                  : assalamualaikum.
Icih & kemed    : walaikumsalam
Sa enggeus kitu semah eta asup, icih ahirna tenang da semahna lain anu rek nagih hutang tapi kang ocin tatanggana barimamawa entog
Kemed                        : aehh gening jang ocin, ? sugan tehh saha,
Ocin                : nya kang,
Icih                  : yeuhh jang euceu mah seer hutang.
Kemed                        : ehh icih cicing maneh teh. tos timana jang.
Icih                  : enya, tos timana jang ?
Ocin                : ahh ngahaja we kadie.
Icih                  : ngahaja cenah kemed.
Kemed                        : aya naon euy ?
Icih                  : aya naon cenah jang ?
Ocin                : nu matak aya perlu.
Icih                  : aya perlu cenah kemed,
Kemed                        : dicekek siah ku aing harepen semah
Icih                  : rek dicekek cenah harepen semah
Kemed                        : icih, cicing atuh sia teh aya aya wae. Aya perlu naon euy ?
Ocin                : ieu kang, euhh ieu entog.
Kemed                        : entogggg cenah icih,
Icih                  : maneh nu ku aing dicekek mah, jang aya naon jang ? sing bener sok nyarita !!
Ocin                : kie ceu, kuring tehh ker menang ka rerepat ker menag kasusah, kuring rek menta tulung
Kemed                        : eumhh, iemah beda kereteg eung, menta tulung naon euy ?
Ocin                            : nyaeta kang, budak kuring tehh rek ujian, cek guruna moal waka milu ujian lamun can lunas uang bayaran
Kemed                        : nya, beki deket kereteg tehh icih, terus ?
Ocin                            : nya maksud kuring tehh sugan we akang keur kabeneran boga duit, kuring rek ngjual entog, ie entog kuring, beli ku akang ! 10.000 we kang keur bayaran sakola budak
Icih                              : tahhh dengekeun, baturmah ngabelaan anak tehh nepi kangajual entog, dengekeun siahh picontoeun!! kesel aingmah
Ocin                            : atuh da lamun nepi ka ereun sakolana tehh, rek kumha budak kaharepna ?
icih                              : tah dengekun ! dengekun
kemed                         : tuh da siah ngadon kadie, jadi kie wehh.
Ocin                            : keurr sakola budak kang,
Kemed                        : atuh heeh matak naon ulah waka dijual, pok bawa kasakolana terus nyarita, “ bapa ibu perkawis bayaran pun anak ayena, teu tiasa ku artos tapi bade ku entog atuh sasih payun bade ku lalab sampeu”. Dewekmah yakin gurumah bijaksana moal kaur ditonjok kitu ge,
Icih                  : aeh aeh kunaon maneh tehh kalah dihereyken, yeuh kemed lamun mah rek nulungan sing puguh
Ocin                            : enya kang, tulungan atuh kang ?!
Kemed                        : aeh aeh dewek tehh lain teu hayang nulungan, keur bayaran budak ge nepi  ngajual sadel beca sagala, jeng deih dina bogana ge moal waka dipake nulungan silaing mening dipake meli sadel beca,
Ocin                            : duhh, piraku akang tega ka kuring ?
Icih                              : enya tulungan atuh kemed !!
Kemed                        : aeh aeh, heg icih aing rek usaha neangan duit lamun geus menang, moal waka meli sadel beca, ie entog ku aing rek dibeli, rek di pake sadel beca, naha maneh tega kitu neuleu aing ngaboseh bari numpakan entog ?
Ocin                            : kumha atuhnya ? cik atuh kang pangusahakeun. Sugan akang gaduh kawahuan nu sok meser entog.
Kemed            : ges kie we euy, aya nu sok melian entog teh,
Ocin                            : saha kang ?
Kemed                        : jang eriksya tah nu sok melian entog tehh.
Ocin                            : jang eriksya ? sha kang pa eriksya tehh ?
Kemed                        : nyeta dewek ge teu nyaho. Sugan maneh nyaho pa eriksya icih ?
Icih                              : nya ceuk aing ge montong di hereykeun, kacida-cida teing jurig. Kie jang eta entog jual ka pak paska.
Ocin                            : ke, pak paska mana dei ceu ?
Icih                              : pa paska, piraku teu apal ?
Ocin                            : heeh nu mana ai euceu ?
Icih                              : har ai ujang beut nanyakeun ka eceu, teuing atuh teu apal
Ocin                            : akhh atuh lamun kiemah hanyakal teu dijual ka pa munggara
Icih                              : saha ?
Ocin                            : pa munggara.
Icih                              : heeh naha atuh lain ka pa munggara
Ocin                            : heeh da nges maot ceu.
Kemed                        : yeuh jang, menta tulung ka kuringmah sarua we pajengut-jengut jeng nu dugul
Ocin                            : har ai akang, da maksud kuringmah rek ngajual entog lain rek ngajengut anu dugul
Icih                              : emhh dedeh teuing jang, jung teangan jelema dugul, terus jengutan ku ujang, di doaken sing hasil
Kemed                        : naon ie teh urusan jadi pabaliut jeng anu dugul, etamah yeuh paribasa, ahh heeh kitu we jang, hampura lain mung nulungan.
Ocin                            : aduhhh,, sing karunya atuh kang ka kuring.
Kemed                        : aehh aehh, ari kitu naha silaing teu karunya kitu ka kuring ?
Ocin                            : sedihh kuringmah kang.
Kemed                        : sarua we dewek ge ker sedih, naha teu katingali benget dewek keur sedih ?
Ocin                            : kuringmah meni haying cerik tehh kang,
Kemed                        : har ? sarua we kuring ge haying cerik, dagoan we gera sakedeng dei ge bakal cerik dewekmah
Ocin                            : ni haying jejeritan tehh kang.
Kemed                        : tah lamun kitu, hayu urang jejeritan babarengan ngarah rame
Ocin                            : kumaha atuhnya ?
Icih                              : hampura we atuh jang,
Ocin                            : ehh sami sami ceu, kuring ge menta dihampura, tah ari nges silih hampuramah kan bangblas, ayena sok atuh beli entog kuring !
Kemed                        : aehh aehh, yeuh bisi silaing teu percaya hayu urang ayena bareng ka pengadilan, dewek wani di sumpah moal meli entog
Icih                              : aehh aeh, yeuhh cek aing oge montong d hereykeun maneh tehh kabina-bina teuing.
Kemed                        : atuh da kesel, nges di udag udag nu nagih, gerr ayena di udag udag entog
Icih                              : hampura we atuh jang entog lain mung meli ocin.
Kemed                        : icih. Tibalik siah ngomong tehh. Hampura we jang.
Ocin                            : teu nanaon kang, atuh pami kitumah kuring pamit we nya kang.
Kemed                        : heeh jug ahh
ocin ahirnamah kaluar bari jamedud jeng sedih jiga jelema putus asa, jeng teu lila aya sora deui tiluar tapi ngomongna bahasa indonesia
Dolle                           : permisi
Kemed                        : tah aya sorra semah dei icih
Dolle                           : permisi
Kemed                        : eweuh sasaha !
Icih                              : aehh aeh sing baleg atuh nemalan tehh, silahkan masuk
Kemed                        : terima kasih
Dolle               : permissi
Kemed            : silahkan masuk kainyah.
Dolle               : maaf ibu karena telah mengganggu, hehehe. Maaf bapa karena telah menggaganggu, hehehe. Apa betul disinii rumahnya pa beubek ?
Kemed                        : bukan beubek de, tapi bebek, “eu” sama “e” itu berbeda, jadi bebek itu meri dek, kalau dalam bahasa Indonesia
Icih                  : sok siah da maneh tehh guru, sok ngacprak kainyah !
Dolle                           : tidak apa apa pak, saya itu orangnya humoris, hehe seneng becanda, ceneng ketawa, hehe. Jadi betul disini rumahnya bapa bebek ?
Icih                              : BETTUULL dek,
Kemed                        : ada apa dek ?
Icih                              : banyak hutang pak !
Kemed                        : jempe siah, maksud kedatangan dek ada apa ?
Dolle                           : begini, saya disuruh boss saya. Ohh sebentar saya perkenalkan dulu, nama saya dolle D.O.L..E , dolle, hehehe
Icih                              : dolle ? heuheuheu tapi tidak apa-apa dek, tidak apa-apa dolle juga, asal jangan dollewak ya kemed ?
Kemed            : aduh maaf saja ya dek, istri sayamah suka membanyol.
Dolle                           : akhh tidak apa apa, justru saya orangnya humoris, seneng becanda, seneng ketawa. Hehehehe
Kemed                        : jadi sekali lagi ada perlu apa kedatangan adek kemari ?
Dolle                           : saya disuruh oleh boss saya bapa tokeng, untuk menyampaikan undang undang, hehehe
Icih                              : undang-undang ?
Dolle                           : ohh maksud saya undangan, saya ini orangnya humoris, seneng becanda, seneng ketawa. Hehehe jadi undangan saya sebut saja undang undang, biar kocak biar ketawa, hehehehe
Icih                  : tobbat gusti, aya di dunya jelema samodel kie. Dek surat undangan apakah itu ?
Dolle                           : boss saya bapa tokeng mau menikahkan putranya ikbal, hehehe jadi beliau mau mengadakan selamatan sekaligus syukuran, hehehe (bari mikeun surat undangan)
Icih                              : ohh jadi begitu dek yah ?
Dolle                           : hehehe, ia. Saya mohon pamit saja, saya mohon undangan itu dibaca, direnungkan lalu dihadiri
Icih                  : ohh ia ia,
Dolle                           : ya sudah saya pamit dulu
Icih                              : hehehehehe.
Kemed                        : ari maneh siah kunaon deuih ?
Icih                              : ehh eta katepaan ku si encep eta, jadi wehh
Omongana kapotong da aya sora semah deui, tapi sora eta jelema asa geus teu asing
Ocin                : asslamualaikum
icih                              : walaikumsalam
kemed                         : aya naon dei ?
ocin                             : kie kang, kuring tehh keur kapepet butuh ker bayaran sakola budak, maksud kuring tehh rek ngajual entog
kemed                         : har ? apan tadi nges kadie !? cek dewek ge moal meli entog
ocin                             : har ? naha kuring tadi ges kadie kitu ? asstagfirallahhaladzim. Rarasaan tehh acan. Hampura atuhnya kang. Manga akh
icih                  : emhh aya we jelema tehh
saenggeus ocin kaluar, teu lila bijil deui si dolle nu maksudna teuing rek naon nyien panasaran
Icih                              : eumhhhhhh rek naon deui ??
Dolle                           : ahehehehehe
Si dolle kereles teu puguh kaluar deui mung seri hungkul
Kemed                        : geus akh icih rek neangan sadel beca deui aingah.
Icih                              : heeh jug we akh rek nyeseh urang ge.